Wikipedia

Hasil penelusuran

Kamis, 08 Mei 2014

Tuags Pidato basa Sunda

Ngenalan Sifatna Kanjeng Nabi Muhammad Saw.

Assalamualaikum Wr.Wb

Bapa Kapala Sakola anu ku simkuring dipihormat, Bapa/Ibu guru kaagamaan anu ku simkuring dipihormat, teu hilap re’re’ncangan sadaya anu ku simkuring dipikacinta oge’ dibanggakeun. Puji sinareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Allah anu maha gofur, anu parantos masihan kanikmatan ka urang sadaya, utamina nikmat se’hat. Ku margi re’h na urang dipasihan nikmat se’hat, sahingga urang sadaya tiasa kempel di ieu tempat.

Hadirin anu ku simkuring dipihormat, dina kasempetan anu sae’ ieu, simkuring bade nyobian sakedik nerangkeun ngenaan sifat-sifat anu dipigaduh ku Nabi Muhammad Saw. Sapertos anu tos ku urang uninga sateuacanna, ye’n anu namina sifat te’h e’ta seueur jenisna. Salah sahijina sifat ambekan. Nyae’ta sifat anu teu kaopan upami ke’nging cocoba ti Allah, sautak-saeutik ngambek. Contona upami dipasihan panyawat pasti sok umbak-ambek hoyong e’nggal hade’.

Salain sifat ambekan, oge’ aya anu namina sifat panyabar, tah sifat ieu mangrupikeun sifat anu sae’ upami dipigaduh ku urang, sifat ieu biasana henteu gampang ambekan, sareng tabah wae’ upami dipasihan cocobi ku Allah te’h, contona, upami dipasihan panyawat ge’ nu gaduh sifat ieu mah, osok sabar, tara umbak-ambek, sareng ikhlas jeung narima, kusabab dina pipikiranna, upami dipasihan cocobi ku Allah, bererti Allah te’h mikanyaah ka mane’hna.

Tah ayeuna salain conto sifat nu tadi, aya opat sifatna Kanjeng Nabi, anu wajib ku urang pikanyaho. Kahiji Kanjeng Nabi te’h ngagaduhan sifat sidiq anu hartosna bener. Maksad bener didieu, hane’s bener dina ucapanna wae’, tapi bener dina sagagalana oge’, dina ucapan, tingkah laku, sareng pikirannana. Pokona Kanjeng Nabi mah, suci tina pagawe’an anu teu bener di payunen Allah.

Kadua, Kanjeng Nabi te’h ngagaduhan sifat amanah anu hartosna kapercaya, Kanjeng Nabi sampe’keun ke’nging gelar Al-Amin, kusabab saking kapercayana ku umat Kanjeng Nabi. Sifat ieu mangrupikeun sifat anu kedah diuninga ku urang sadaya, kusabab saking manfaatna kanggo urang. Aya bahasana jalma anu dipercaya mah pasti untung, be’da jeung jalma anu sok sulaya, nyaur bener ge’ sok dianggap salah.

Katilu aya sifat Kanjeng Nabi anu disebut tabligh anu hartosna nyampe’keun. Kanjeng Nabi upami gaduh e’lmu, upami gaduh kauningaan, ngenaan wahyu, paraturan agama, Kanjeng Nabi mah osok kabuka ka umatna sareng diwawarkeun e’ta e’lmu te’h. Teu acan pernah aya istilahna disumputkeun. Pokona mah kabuka wae’ jalmi na te’h.

Anu terakhir, sifatna Kanjeng Nabi nyae’ta  fatonah anu hartosna pinter. Kanjeng Nabi mah jalmi nate’h terang ka sagagala, uninga dina e’lmu agama anu pasti, uninga dina e’lmu alam, sareng uninga kana e’lmu peperangan. Pinterna Kanjeng Nabi kudu diturutan ku urang, kusabab, nginget kana zaman ayeuna, bisa jadi urang te’h nuju aya dina kubangan sye’tan. Urang kedah tiasa milih-milih, mana nu sae’ mana nu awon ku urang lakukeun. Supados urang tiasa kahindar tina tingkah laku anu teu dicontokeun ku Kanjeng Nabi.

Kukituna hayu urang ngainstropeksi diri, naha salami ieu te’h urang entos nunjukeun ye’n urang te’h umat Kanjeng Nabi atanapi henteu. Ye’n urang te’h uninga atanapi henteu kana sifat Kanjeng Nabi anu opat, sareng ye’n urang te’h entos jadi jalmi anu sae’ dipayunen Allah atanapi teu acan. Rupina sakitu nu kapihatur, mudah-mudahan aya manfaatna kanggo simkuring khususna, oge’ ka sadaya anu umumna. Kirang sinareng langkungna neda dihapunten. Akhirul kalam.

            Wassalamualaikum Wr.Wb

Tidak ada komentar:

Posting Komentar