Ngenalan
Sifatna Kanjeng Nabi Muhammad Saw.
Assalamualaikum Wr.Wb
Bapa Kapala Sakola anu
ku simkuring dipihormat, Bapa/Ibu guru kaagamaan anu ku simkuring dipihormat,
teu hilap re’re’ncangan sadaya anu ku simkuring dipikacinta oge’ dibanggakeun.
Puji sinareng syukur hayu urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Allah anu maha
gofur, anu parantos masihan kanikmatan ka urang sadaya, utamina nikmat se’hat.
Ku margi re’h na urang dipasihan nikmat se’hat, sahingga urang sadaya tiasa
kempel di ieu tempat.
Hadirin anu ku
simkuring dipihormat, dina kasempetan anu sae’ ieu, simkuring bade nyobian
sakedik nerangkeun ngenaan sifat-sifat anu dipigaduh ku Nabi Muhammad Saw.
Sapertos anu tos ku urang uninga sateuacanna, ye’n anu namina sifat te’h e’ta
seueur jenisna. Salah sahijina sifat ambekan. Nyae’ta sifat anu teu kaopan
upami ke’nging cocoba ti Allah, sautak-saeutik ngambek. Contona upami dipasihan
panyawat pasti sok umbak-ambek hoyong e’nggal hade’.
Salain sifat ambekan,
oge’ aya anu namina sifat panyabar, tah sifat ieu mangrupikeun sifat anu sae’
upami dipigaduh ku urang, sifat ieu biasana henteu gampang ambekan, sareng
tabah wae’ upami dipasihan cocobi ku Allah te’h, contona, upami dipasihan
panyawat ge’ nu gaduh sifat ieu mah, osok sabar, tara umbak-ambek, sareng
ikhlas jeung narima, kusabab dina pipikiranna, upami dipasihan cocobi ku Allah,
bererti Allah te’h mikanyaah ka mane’hna.
Tah ayeuna salain conto
sifat nu tadi, aya opat sifatna Kanjeng Nabi, anu wajib ku urang pikanyaho.
Kahiji Kanjeng Nabi te’h ngagaduhan sifat sidiq
anu hartosna bener. Maksad bener didieu, hane’s bener dina ucapanna wae’,
tapi bener dina sagagalana oge’, dina ucapan, tingkah laku, sareng pikirannana.
Pokona Kanjeng Nabi mah, suci tina pagawe’an anu teu bener di payunen Allah.
Kadua, Kanjeng Nabi
te’h ngagaduhan sifat amanah anu
hartosna kapercaya, Kanjeng Nabi sampe’keun ke’nging gelar Al-Amin, kusabab
saking kapercayana ku umat Kanjeng Nabi. Sifat ieu mangrupikeun sifat anu kedah
diuninga ku urang sadaya, kusabab saking manfaatna kanggo urang. Aya bahasana
jalma anu dipercaya mah pasti untung, be’da jeung jalma anu sok sulaya, nyaur
bener ge’ sok dianggap salah.
Katilu aya sifat
Kanjeng Nabi anu disebut tabligh anu
hartosna nyampe’keun. Kanjeng Nabi upami gaduh e’lmu, upami gaduh kauningaan,
ngenaan wahyu, paraturan agama, Kanjeng Nabi mah osok kabuka ka umatna sareng
diwawarkeun e’ta e’lmu te’h. Teu acan pernah aya istilahna disumputkeun. Pokona
mah kabuka wae’ jalmi na te’h.
Anu terakhir, sifatna
Kanjeng Nabi nyae’ta fatonah anu hartosna pinter. Kanjeng
Nabi mah jalmi nate’h terang ka sagagala, uninga dina e’lmu agama anu pasti,
uninga dina e’lmu alam, sareng uninga kana e’lmu peperangan. Pinterna Kanjeng
Nabi kudu diturutan ku urang, kusabab, nginget kana zaman ayeuna, bisa jadi
urang te’h nuju aya dina kubangan sye’tan. Urang kedah tiasa milih-milih, mana
nu sae’ mana nu awon ku urang lakukeun. Supados urang tiasa kahindar tina
tingkah laku anu teu dicontokeun ku Kanjeng Nabi.
Kukituna hayu urang
ngainstropeksi diri, naha salami ieu te’h urang entos nunjukeun ye’n urang te’h
umat Kanjeng Nabi atanapi henteu. Ye’n urang te’h uninga atanapi henteu kana
sifat Kanjeng Nabi anu opat, sareng ye’n urang te’h entos jadi jalmi anu sae’
dipayunen Allah atanapi teu acan. Rupina sakitu nu kapihatur, mudah-mudahan aya
manfaatna kanggo simkuring khususna, oge’ ka sadaya anu umumna. Kirang sinareng
langkungna neda dihapunten. Akhirul kalam.
Wassalamualaikum Wr.Wb